Wednesday 6 October 2010

Biantara Sunda - Dongeng Gagak Jadi Hideung

Gagak Jadi Hideung

Assalamu’alaikum Wr. Wb

Sagala puji mung kanggo anjeuna, Gusti Alloh anu maha kawasa. Salam sadayana kahormatan kasanggakeun ka jungjunan urang sadayana Rosululloh Muhammad SAW. Teu hilap ka kulawargana, parasohabatna, sareng umatna, insya alloh kalebet urang sadayana. Amin.

 Haloo dulur Urang sarerea bisi anu butuh Microsoft Office 2008 tiasa di tingali di link anu ya di handap.

Hadirin anu sami linggih, utamina parapangajen nu kusim kuring dipikahormat.

Dina danget ieu sim kuring bade ngadadarkeun dongeng Gagak Jadi Hideung.

Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.

Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.

Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun.

Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .

Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”

Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga, gaaaa!”
Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana gaaa, gaaaak!

Eusi/hikmah nu bisa di cokot :

Ari jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.

Hadirin nu sami lenggah, paragirang pangajen nu ku sim kuring dipikahormat. Kantenan seur keneh anu hoyong didugikeun the. Naming, laian kawatesanan ku waktos, inggis tambih lami, kalah tambih ngacapruk teu puguh.
Kumargi kitu, minangka panutup catur, bobo sapanaon, carang spakan, anu leresna tina agama anu salahna tina jisim kuring, mugi-mugi aya manfaatna… amin

Wassalamu’alaikum Wr. Wb

No comments: